Sajak-Sajak Septian Maulana Adam I

 


SETENGAHNYA

Setiap dari kita adalah bumi
Yang ditanami kemudian ditumbuhkan
Setiap gerak adalah penerimaan
Kita masih aka tetap bumi
Meski langit ditempayan kita
Cinta adalah langit yang dibumikan
yang mengerakan seorang ibu menyusui anaknya
yang menggerakan kening bersujud menyentuh tak terhingga
Yang menutup mata hinga terbit cahaya
Tapi kita adalah bumi dan setengahnya langit


BUBUKA

Hiliwir angin ti kaler
Marengan hate nu kaibunan
Bet asa jadi carengcang;
Patok geus laleupasan
Hiji-hiji tali lalesotan
Lir ibarat sungapan kahalodoan
Tangtu we saat ka landeuhna

Pileuleuyan kahirupan
Kuring lain rek nyandiwara
Ieu mah itung-itung bubuka
Pikeun lalakon kuring kahareupna


SONO

Bet asa tugenah gening hate teh
Mangsa sareupna heug hujan ngaririncik
Kuring leumpang muru ka pilemburan
Teu ku hanteu hate jol ngaleketey
Naha sono kitu ari aing?


KEUEUNG

Ngale're't ka jero awak sorangan
Maleukmeuk hieum bungkeuleukan
Kaambek jeung kapeurih 
meulit lir ibarat areuy nu ngalangrangan

Ante'k ku hayang nyeunceurikan awak sorangan
Ngan hanjakal ci panon teu kungsi nyimpang 
Teu aya elol-elol nembongan

Hate' mah ngagero peurih 
ngahaokan, gugupay hayang disambat
Ngan ceuli torek sari kapengpetan
Jempling
Jempling ku haliwu nafsu
Ngan panon sari aya nu meungpeunan
poe'k
Poe'k ku kaserab dunya


"Na ari hidep naha bet kieu?"
"Lain harita geus panceg kolot mondasian"
"Na kurang naon papagah ajengan?"

Duh awaking
Hampura kuring

November 2020


MULANG

Wengian basa rek miang kanu Kawasa
anjeuna calik nyalira di handap tangkal caringin.
Teu ku hanteu tara-tara biasana ge. 
Tiisna angin keur sareupna
tepi ka ngong adan Isya geus teu karaos
mun dibandingkeun jeung tiisna poe isuk nu moal bisa kasampeur.
Deudeuh teuing poe nu geus kasorang.
Paanggang urang panggang.
Teusangka semet dieu aya dikeuna.
Kaduhung nataku, handeul lain lumayan
rumasa diri can bisa babakti. 

Handapeun Tangkal Caringin, 14 Juli 2020


MANGLAYANG

Manglayang panglumpatan kuring
Hariring rasa hariwang
dipulas ku kawaas
Hiliwir angin ngusapan
Japati paduduaan
Keketrok sora awi dipakuan 
Nantung imah ngaheurinan

Manglayang ubar kamelang
Cikopi haneut meueusan
Palupuh awi ngajajar nungguan

Cag 
ecagkeun hariwang 
Goledag 
ragragkeun kamelang
Manglayang 
meupeus lamunan
Miharep kawaluyaan.

Post a Comment

Previous Post Next Post